DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

menunavngampar

Selasa, 03 April 2018

Wawales Kanu Telenges

Hiji mangsa sakadang puyuh kacida sediheunnana, sabab anakna sadua-dua anu karek gumuling teu aya dina sayangna. Padahal can lila diparaban. 
Sabot indung jeung bapak puyuh ka luar tina sayang rek neangan hakaneun keur anakna, ari balik anakna geus teu aya. Nu aya teh ngan ukur getih ucrat-acret. Puyuh curiga ka beurit, sabab cenah geus lila manehna tunghal-tenghol kawas nu keur ngintip. 
Malah puyuh meunang beja ti cangehgar nu tara bohong, cenah enya nangenan beurit ka luar tina sayang puyuh bari sungutna pinuh ku getih. Cangehgar teu bisa nulungan da si beurit kaburu kabur. 
Bakat ku ngenes harita keneh puyuh jalu jeung bikang indit ka sayang alap-alap. Barang geus panggih derekdek puyuh jalu nyaritakeun kasedih hatena. 
Alap-alap nyanggupan mangnaurkeun kasedih puyuh, cenah si beurit rek dijejewet. Ti harita alap-alap sok nyumput dina tangkal teureup, panonna mah teu weleh gular giler ka handap nempoan sugan beurit tea ka luar tina sayangna. Kungsi sakali mah alap-alap nyamber si monyong. 
Ngan nu disamber rikat nyumput kana sayangna handapan tunggul. Ti harita nu diincer ku alap-alap tehteu ka luar deui. 
Ari beurit sanggeus rumasa boga dosa ngahakan anak puyuh, bari dirina ngarasa diancam ku alap-alap, dina hiji peuting kabur. Ngan di perjalanan nyorang wahangan. Manehna teu biasaeun meuntas. 
Keur huleng jentul di sisi wahangan naha atuh ari gajlok tehbangkong hejo ka hareupeun nana. Puguh we beurit tehkacida reuwaseunana, disangkana alap-alap ngudag, Ceuk beurit, “Alah sampean mah ngareureuwas!” . 
“Naha make reuwas sakadang beurit, kawas boga dosa!” ceuk bangkong. “Rek kamana ieu tehwayah kieu geus aya di dieu?” ceuk bangkong deui. 
Ngadenge omongan bangkong kitu teh beurit balaham-belehem asa kasindiran. Tungtungna mah beurit waleh hayang dipangmeuntaskeun, sabab cenah aya perlu ka beulah ditu. Bangkong nyanggupan ngan cenah kudu isuk dimana geus caang, sabab harita mah poek keneh. 
Isukna bangkong nalian suku beurit beulah hareup. Tungtung tali nu sabeulahna deui ditalikeun kana sukuna beulah tukang. Geus kitu gajlok bangkong ka wahangan atuh beurit kagugusur. 
Ti dinya mah soloyong we bangkong ngojay ka tengah wahangan. Puguh we bangkong beurateun biasana ngojay sorangan ari harita kudu meuntaskeun beurit. 
Barang nepi ka tengah-tengah wahangan, bangkong tehhayangngaheureuykeun beurit. Ti dinya bangkong teh teuleum ka dasar wahangan. Atuh beurit ka bawa. Beurit gogorowokan embung di bawa teuteuleuman da cenah eungap. Tapi ku bangkong teu didenge, lep teuleun deui.  
Ku sabab sababaraha kali di bawa teuleum, tungtungna mah beurit nepi ka hanteuna, paeh. Geus kitu mah bangkong seuri bari ambang-ambangan. 
Keur kitu teu kanyahoan ti tadina, kalayang alap-alap nu ngincer beurit ti kamari, seot nyamber beurit nu geus jadi bangke, ber dibawa hiber ka awang-awang. 
Atuh bangkong ge ka bawa, roroesan paureun, da tara biasa ngapung. Mokaha we poe harita alap-alap meunang kauntungan. Sanggeus meakeun beurit nu sakitu lintuhna, bibilasna ku bangkong hejo.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

×
Judul